Selasa, 15 Desember 2009

PERLUNA BASA SUNDA

Kata panganteur

Puji sinareng sukur hayu urang dugikeun ka Alloh SWT anu tos masihan rahmat sinareng hidayah ka urang sadayana ,kusabab sim kurg tiasa garengsekeun ieu makalah basa sunda .Ngahaturkun nuhun ka sadaya rerencangan anu tos ngabantu dina ngarengsekeun ieu makalah anu judulna “perluna basa sunda” dihareupkeun makalah teh tiasa dimanfaatkeun ku balarea dina perkawis perluna basa sunda dina kahirupan sapopoe ,khususna keur urang sunda .Simkuring sadar dina ieu makalah masihseeur kalepatan Diana eusi ,kualitas, atanapi dian kuantitas,saran jeung kritikan anu ngabangun dihareupkeu pisandina ningkatkeun elmu kanggo anu ngadamel ieu makalah.

BAB I
Pandahuluan
1.1 Poko Masalah

Usaha ngalwtarikeun basa sunda teu gampang , tapi usaha sangkan urang Sunda, pangpangna rahayat pépéték, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun ngarépréséntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing. Lamun urang niténan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda méh dina sagala widang. Éléh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra ménak heubeul atawa ménak anyar anu mibanda méntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama mah kudu nyekel kalungguhan di pamaréntahan, sanajan gawéna ngan ukur sembah kuriling atawa jadi pakacar


1.2 Ngidentifikasi masalah.

Teu aya na rasa ngabogaan kana basa sorangan ,jadi masalah anu kudu di perhatikeunbener bener ku pamarentah ,sabab basa sunda bisa lestari kucara aya anu ngabogaan saha sahana ieu basa teh lamun teu aya anu ngabogaan tangtu ieu basa sunda teh pasti aya anu ngarebut, umumna basa sunda masih kurang di pikaresep ku budak budak ayeuna ,budak ayeuna teu saeutik anu teu apal kana kabudayaan urang sunda ,tangtu urang ulah nyalahkeun sasaha ,tapi urang kudu ilu mikirkeun kuaha carana ieu basa sunda teh teu leungit kaelehkeun ku perkembangan jaman ,

1.3 Rumusan Masalah

Rea cara anu bisa dijalankeun dina nerapkeun basa sunda ka urang sunda ,basa sunda perlu keur ciri jang jalma anu asli urang sunda,cara gawanohkeun basa sunda ka jalma sunda diantarana nyaeta kujalur pendidikan ,ayeuna provinsi jawa barat ngadamel peraturan daerah supaya dina pelajaran-pelajaran di sakola di ayakeun muatan local basa sunda .Anu leuwih alus dina kahirupan sapopoe basa sunda kudu di terapkeun supaya laun laun ieu basa teh teu asing kanggo urang sunda .

1.4 Tujuan Mulis Makalah

1. Nyebatkeun perkawis perluna basa sunda, ka urang sunda
2. Nyiptakeun rasa resep kana basa sorangan







BAB II

Panutup
2.1 Kasimpulan

Urang sunda masih keneh asing kana basa sorangan ,ieu tiasa katingali dina tingkah laku paripolah urang sunda dina ngagunakeun basa sapopoena nu utamana basa sunda .teu sautik urang sunda teu apal perluna basa sunda keur ciri tiap tiap daerah .
2.2 Saran

Kanggo ka para bapa ibu guru anu ngawulangan basa sunda kedah mampu ngalestarikeun basa sunda supaya ieu basa teu leungit ku kamajuan jaman atawa ku budaya-budaya asing anu bisa ngaleungitkeun basa sunda.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ko mentar