Rabu, 16 Desember 2009

Rupa-rupa kasenian sunda

kecap panganteur



Puji sinareng sukur hayu urang dugikeun ka Alloh SWT anu tos masihan rahmat sinareng hidayah ka urang sadayana ,kusabab sim kurg tiasa garengsekeun ieu makalah basa sunda .Ngahaturkun nuhun ka sadaya bapa ibu guru rerencangan anu tos ngabantu dina ngarengsekeun ieu makalah anu judulna “rupa-rupa kasenian sunda” dihareupkeun makalah teh tiasa dimanfaatkeun ku balarea dina perkawis seni sunda ,khususna keur urang sunda .Simkuring sadar dina ieu makalah masihseeur kalepatan Diana eusi ,kualitas, atanapi dian kuantitas,saran jeung kritikan anu ngabangun dihareupkeu pisandina ningkatkeun elmu kanggo anu ngadamel ieu makalah.
























Daftar eusi

kecap panganteur
Daftar eusi

BAB I

Pokok masalah
Tujuanana

BAB II
PAMBAHASAN

BAB III
PANUTUP
kasimpulan

























Pokok masalah




Tang tuna urang sunda kudu apal naon bae kasenian anu dipiboga ku urang sunda .supaya henteu aya anu ngaku kasenian sorangan ku batur .moal aya anu ngalestarikeun kasenian sorangn salianti urang sunda sorangan .kasenian urang sunda kudu di piara atawa di jaga leuwih deui dikembangkeun sangkan kasenian sunda teh loba pisan rupana .




Tujuanana


Tujuan ditulisna makalah ieu ,kanggo nambih wawasan dina perkawis kasenian sunda ,jeung anu utamana sangkan urang sunda ngarasa ngabogaan kana kasenian sorangan


























BAB II

Pambahasan

Kasenian sunda rea rupana jeung jenisna jarang urang sunda apal kana kasenian sorangan .rea sabab urang sunda teu apal kana kesenian sorangan .tangtuna urang sunda kudu apal kana kasenian sorangan utamana mah kana kasenian anu aya di kingkungan urang sorangan .Karesep urang sunda kana kasenian sunda ayeuna geus kaelehkeun ku kasenian modern anu leuwih tenar di mana mana ,ayeuna barudak geus rea anu teu apaleun kana kasenian sunda ,contona ,ayeuna barudak urang sunda teu pati resep kana lalaguan sunda sunda .malah leuwih resep kana lagu lagu modern saperti rock.pop jeung sajabana .

Kasenian sunda nyaeta sagala bentuk anu bias di ukur alus henteu na eta karya ,jeung ngandung harti anu jero dina neuleuman eta karya.

Jenis jenis kasenian sunda .
1.Angklung

Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.
Rupa-rupa angklung
Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung. Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang


Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh

Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.


2.Calung









Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe ti angklung. Béda jeung angklung, cara maénkeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun ti awi temen (awi pulas bodas).
Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta calung jinjing.

Kamekaran
Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jinjing. Calung jinjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran ti wangun calung rantay.Di Jawa Barat, wangun kasenian ieu dirintis popularitasnya nalika para mahasiswa Universitas Padjadjaran (UNPAD) anu kagabung dina Departemen Kesenian Déwan Mahasiswa (Lembaga kesenian UNPAD) mekarkeun wangun calung ieu ngaliwatan kreativitasnya dina taun 1961. Numutkeun salah saurang panaratasna, Ekik Barkah, yén dijieunna calung jinjing katut pintonanana kailhaman ku wangun kaulinan dina pintonan réog anu ngadumaniskeun unsur nakol, unggut sarta lagu dina hiji pintonan.Saterusna dina taun 1963 wangun kaulinan sarta tabuhan calung leuwih dimekarkeun deui ku parakanca ti Studiklub Teater Bandung (STB; Koswara Sumaamijaya dkk), sarta antara taun 1964 - 1965 calung leuwih dimasyarakatkeun deui ku parakanca di UNPAD minangka seni pintonan anu boga sipat hiburan sarta informasi (penyuluhan (Oman Suparman, Ia Ruchiyat, Eppi K., Enip Sukanda, Edi, Zahir, saparakanca), sarta grup calung SMAN 4 Bandung (Abdurohman dkk).
Saterusna muncul grup-grup calung di Bandung, contona Layung Sari, Ria Buana, Glamor (1970) jrrd, nepi ka danget ayeuna, muncul ngaran-ngaran idola pamaén calung diantarana Tajudin, Nirwan, Odo, Uko Hendarto, Adang Cengos, jeung Hendarso. Kamekaran kasenian calung kacida onjoyna di Jawa Barat. Ieu hal téh ngabalukarkeun ditambahanana sawatara pakakas musik dina calung, contona kosrék, kacapi, piul (biola), komo kiwari mah aya anu dilengkepan keyboard jeung gitar. Unsur vokal pohara dominan dina calung, ku kituna réa muncul vokalis calung kawéntar, kawas Adang Céngos, sarta Hendarso.


3. Jaipongan

Jaipongan nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipake keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daerah Subang jeung Karawang.



4.Karinding

Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, anu nyieun karinding tina palapah kawung. Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas







Cara midangkeun
Cara midangkeun karinding ditepakan tungtungna ku curuk sahingga ngageter, terus baham jadi resonansi sora keur ngatur wirahma. Pintonan karinding ilaharna dipidangkeun ku lima urang, paling saeutik alusna ku tilu urang, hiji diantarana salaku juru kawih.
Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding teh dipidangkeun jeung takokak (alat musik dijeuna tina kai ipis, bentukna jiga daun).



Kagunaan

Karinding mangrupa alat keur ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina vibrasi jarum karinding nyaèta sora handap low decible, malahan mah takokak nyieun sorana tina gesekan alat jeung garis dampal leungeun, tah sora anu kaluar ngan kadenge ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari disebutna sora handap èta tèh ultrasonik.Tah keur anu ngamaènkeunana ngarah betah di sawah tèh nyaèta disorakeun ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kadang dipadukeun jeung alat musik lianna.



Cara maénkeun karinding bédana jeung alat musik jenis mouth harp lianna nyaèta ditepak, sedeng alat sejenna ditoèl, ieu ngagampangkeun dina manggihan wirahma anu loba, malah mah ketukan tina waditra karinding ieu disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula nya makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua jeung saterusna. Ku euyeubna sora nu dijieun ku karinding mah bisa nyieun sora kendang, goong, saron bonangna, karasa, atawa bass, rhytm, melodi sagala, tepi ka bisa nyieun lagu ku karindingna sorangan, ieu sabab beda dina cara nepak jeung nyieun sora dina baham leuwih hampang. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, lamun urang tos parigel dina ngulinkeun sora karinding, bakal kapanggih jeung nyieun sora keur ngomong,



5.Wayang Golék
Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda. Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék.Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.Karakter wayang golék Arjuna, anggota Pandawa, tokoh pawayangan nu kawentar ku kagandanganana.Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.

Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, Cécép Supriadi, jld.Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb.






6.Kuda rénggong






Kuda rénggong atawa kuda dépok nyaeta salah sahiji jenis kasenian helaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka sarta Karawang.
Pintonan
Cara midangkeunnana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunat ditaékkeun ka luhur tonggong kuda kasebut, budak sunat kasebut dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo, takwa jeung maké lawon sarta selop.Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang Pelatuk, nyaéta saiah saurang pamaén Kuda Renggong, anu metak minangka panunjuk jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan kasebut.Tatabeuhanana mangrupa kendang badag, goong, tarompet, genjring atawa terbang gede atawa dulag, malahan sok dibarengan ku sinden sarta nu ngaribing, lalaki jeung awéwé. Arak-arakan kasebut leumpang nurutkeun arah anu geus ditangtukeun saméméhna.
Kuda Renggongnya meta kawas nu ngibing, alatan geus kalatih sarta biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana sawirahma jeung sora anu dimaenkeun. Lamun wirahmana laun, Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan laun ogé, kitu ogé lamun wirahmana gancang Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan gancang ogéGerakanana sajaba gerakan suku kuda anu ejrag-ejragan, hulu Kuda Renggong ogé milu ungut-unggutan. Di hareupeun atawa di sisieun Kuda Renggong aya sawatara urang nu ngibing, boh ti rombongan Kuda Renggongna sorangan boh ti para panongton atawa baraya anu boga hajatan. Maranéhanana galumbira milu joged atawa ngibing sabisa-bisa, sarta hal ieu pisan anu nambahan ramena pintonan Kuda Renggong.






BAB III
PANUTUP

Mugi-mugi makalah anu simkuring damel aya manfaatna.kanggo urang sadaya ,jeung ieu makalah dihareupkeun bisa nambah wawasan .



Kasmpulan
Kasenian sunda rea rupa jeung jenisna ,oge teu saeutik urang sunda teu apal kana kasenian sorangan

1 komentar:

  1. The Hollywood Casino Hollywood in Perryville, LA - KTNV
    The Hollywood 포항 출장샵 Casino 밀양 출장마사지 Hollywood in Perryville, 경기도 출장샵 LA features 인천광역 출장안마 more than 800 slot machines, 40 table games and 삼척 출장샵 a 70,000 square foot casino

    BalasHapus

ko mentar